BUHUN
Sajak SUNDA BUHUN
Jangjawokan Nyaliara Beubeureuh
(Jampe Pamelet)
Beubeureuh katineung
batu pacacar katinggang cai
Heur! Nyalangsakan ti puncak gunung
Palapar tepung na panon poe
Bebene ticangreud
Cangreudna paparuguh
geuning wanoh kuring si gagah
si gagah si menak si asih pating harayu
harayu mulih kanu sing ati
hurung pahoyong geugeut ka kuring
geugeut ka kuring
si raray bengray
yeuh nu genclang
yeuh nu caang
yeuh nu silar
nu genclang tur herang
nyurup papas ka panenjo
nu caang tur gumilang
nyecep papas ka pangrupa
Nu silar tur tumanenah
talar na wujud
wujud pangestu
mieling anjeun nu anjeun
nu anjeun ka Dewi Putri ngalanglayung
si raray bengray.
Kaendahan/keindahan ALAM
Sajak BAHASA SUNDA TENTANG Kaendahan/keindahan ALAM
Sagara dumadakan ramai
deburan ombak terseret angin
ka tengah samudera éta
keur di biwir basisir
jelema waé menari-nari
Sagara ngondang sehamparan gunung samudera
datanglah ti penjuru sagala
nempo kami menari
nyanghareupan ahir sodorkan cai
sabot awak bermandi peluh
tapi ulah suguhkan seudati*)
sabab manéhna geus mati
Datang,
datanglah ti penjuru sagala
ramaikan sagara kami anu sepi
kalayan lagu anjeun anu sarat asih
TENTANG IBU
Sajak SUNDA TENTANG IBU
Di peuting anu tiis
Kalayan berselimut kasorangan
Kuterbangun melong wiati wiati kamar kuring
Terlintas di benak sosok engkau
Anu sok marengan kuring mapag isuk-isuk
Anu sok marengan kuring ngarasakeun panasnya sinar panonpoé
Anu sok marengan kuring nyaksian bulan sarta béntang
Sarta balik nganteur kuring ka dina saré anu panjang
Kabéh éta kiwari teu bisa deui kurasakan
Alatan ayeuna ku laér ti anjeun
Mekipun sabenerna ku teu bisa
Tapi ku yakin kabéh éta baris lekasan
Ibu………..
Kuring sono kalayan senyummu
Kuring sono jeung kaasih nyaah anjeun
Kuring sono kalayan belai lembutmu
Kuring sono baris pelukmu
Ku hayang kau weruh éta
Ibu……….
Kau sok aya
Dina unggal hembusan nafasku
Dina unggal léngkah suku kuring
Dina unggal naon anu ku gapai
Alatan kau kitu hartosna dina hirup kuring
Indung
Iuh tanjung seungitna marganing wuyung
liuh indung perbawa nu cadu nundung
mun di dunya ngan aya indung jeung bapa
bakal bisa ngawasa sajagat raya
Ngan indung memeh miang dielingan,
“Lamun hirup ngan ngumbar karep sorangan
temahna poho ka indung
kaduhung nunggu di tuntung
nya hanjakal bakal jadi incu cikal.”
NGUSEUP

Contoh Carpon Bahasa / Basa Sunda Ku Mamat Sasmita
CARPON : NGUSEUP
Ku : MAMAT SASMITA
Kang
Sabri ngingkig indit ka kidulkeun. Tuturubun ka handapeun jambatan di
sisi walungan. Alak ilik, néangan tempat nu merenah keur nguseup. Maju
ka beulah kulon, néangan tempat nu liuh. Deukeut rungkun sadagori
eureun, didinya caina rada ngajumbleng teu nyéot teuing. Siga leuwi.
Tuluy bebenah. Tali kenur nu rada kusut dibébérés, dipasangkeun kana
jeujeur weregu. Useup dieupanan ku cacing kalung. Lung useup dialungkeun
kana cai nu ngajumbleng. Diuk andéprak dina jukut nu semu reumisan.
Tabuh salapan isuk-isuk keur meujeuhna haneut moyan. Langit lénglang.
Angin ngahiliwir. Nyaksrak haneut matapoé kana tonggong, diusapan ku
angin ngahiliwir, genah karasana.
Poé ieu rék nguseup, rék mopohokeun
karudet sapopoé. Mata dipaké manco kana tungtung jeujeur, mata manco
kana kanur, mata manco kana kukumbul. Sakapeung panon lalajo budah cai
nu silih udag, sakapeung panon lalajo runtah nu palid, sakapeung panon
lalajo tungtung daun nu kaoyagkeun angin. Pikiran museur hayang meunang
lauk gedé.
Ngalelentuk nyekel jeujeur, karasa cangkeul. Jeujeur
digolérkeun dina jukut, didempét ku keuneung, bisi jeujeur kagusur mun
aya nu nyanggut. Muka kantong nu disoléndangkeun. Ngaluarkeun bebekelan,
kulub sampeu jeung cai haneut dina termos leutik. Lemper dua siki jeung
leupeut dua siki. Meunang meuli ti warung Ceu Enyi basa rék indit.
Karasa ni’mat ngagayem kulub sampeu diguguntur ku cai haneut. Ditambah
ku ngagayem leupeut hiji, pédah tadi isuk can sasarap.
Séak jeujeur
aya nu metot. Ngajol. Méh-méhan teu karawél. Jeujeur weregu melentung da
ditahan terus semu dikenyedkeun, tuluy digolosor bari kenur ditarik,
digolongan. Tah didieu ni’matna nguseup téh keur pabetot-betot jeung
lauk, mun teu tapis ngulur jeung narik, lauk bisa leupas deui atawa
kenur pegat.
Gudibegna lauk kaciri dina cai nu rada ngambul mulek, meunang bibit yeuh.
Lauk
béak tanaga, nyanghap kaluhur, biwirna katiir ruruhit useup. Lauk
engap-engapan ngahégak capé. Pasrah, kokoléaban dina beungeut cai.
Enyaan bibit, mun ditimbang mah kira-kira aya sakiloeun, kitu gerentes kang Sabri.
Kang
Sabri muru ka sisi walungan, nu dicekel lain jeujeur deui tapi kenurna,
dipulut ku leungeun. Lauk ngambang engap-engapan. Barang rék kep
dicekel pisan, lauk ngagudibeg, cai muncrat kana beungeut kang Sabri.
Bis baé leupas.
Lauk ngoléab deui. Kek ditéwak, beunang. Dibawa ka darat. Lauk teh buncir, siga keur endogan, boa-boa tereh megar.
Kang Sabri neuteup lauk, lauk neuteup kang Sabri.
Biwir
lauk engap-engapan. Kang Sabri ngahuleng, engapna lauk siga nu ngajak
ngomong. Lila-lila lauk limpeu, ku kang Sabri diwadahan kana koja
bekelna, tuluy di kana caikeun..
Lauk buncir hayang leupas, koja dicangreudkeun kana sadagori. Lauk buncir ngagudibeg, koja jadi panjara.
Kang
Sabri ngalungkeun deui useup ka leuwi, dikenyed-kenyed sangkan kenurna
merenah, panon manco ka tungtung kenur, kana jeujeur weregu.
Lauk dina koja ngagudibeg, kang Sabri ngarérét. Enya buncir lauk téh, keur endogan, téréh megar.
Mun
ieu lauk diala, digoréng, dicobék make sambel jahé atawa dipésmol,
endogna pasti pungkil jeung girinyih. Didahar sosoranganan bari sila
andekak, nyetrok céngék, seuhah, ni’mat kabina-bina.
Tapi saha nu rék
masakna?, di imah ngan sosoranganan, imah gé ukur kamar kontrakan.
Sabenerna gampil nu masak mah, tinggal dibikeun ka ceu Enyi, nu boga
warung hareupeun kamar kontrakanana. Moal burung diasakan sapaménta.
Bageur Ceu Enyi mah, mindeng ngirim deungeun sangu, mindeng méré nganjuk
mun keur teu boga duit keur meuli deungeun sangu.
Kang Sabri,
lalagasan kénéh, gawé jadi guru sakola dasar, kakara dua taun diangkat
jadi pagawé nagri. Mun pasosoré ka kamar kontrakanana, rajeun sok datang
anak ceu Enyi, nu kakara kelas lima sakola dasar ngadon nanyakeun PR ti
sakolana. Wekel budak téh, teu risi tatanya, pinter budak téh da teu
weléh réngking di sakolana. Éta meureun pangna ceu Enyi jadi bageur.
Keur kang Sabri mah resep wé ngajar ka barudak téh, da éta mah geus
tugasna, prédikat guru téh teu leupas najan teu keur di sakola, dimana
baé gé kudu tetep méré conto ka barudak.
Ayeuna gé nguseup téh pédah
wé keur poé peré, rék balik ka lemburna rada hororéam ma’lum ahir bulan,
boga bekel téh ukur cukup keur dahar.
Lauk kokoléaban dina koja,
enya gedé lauk téh, mun dijual bakal payu meureun dua puluh rébu mah,
cukup keur ngabanjel dahar dua poéeun. Lauk diteuteup, buncir pisan.
Endogna pasti loba, mun megar pasti ngarébu atawa saeutikna ngaratus burayak, anak lauk.
Lauk
engap-engapan, kang Sabri neuteup ka jauhna, kana budah cai nu kabawa
palid, kana tungtung jeujeur, kana kenur nu keur manteng. Mun lauk
digoréng, didahar jeung sambel jahé, ukur ni’mat saharita. Mun lauk
dileupaskeun tuluy endogna megar, meureun bakal baranahan, lauk nu
galedé bakal nambahan di ieu walungan. Kang Sabri inget ari keur méré
pelajaran lingkungan hidup ka barudak. Sok nganaha-naha ka nu ngala lauk
make sétrum. Sok nganaha-naha ka nu ngala lauk maké tuak. Sok
nganaha-naha ka nu miceun runtah sahayuna. Sok nganaha-naha ka pabrik nu
miceun cai kotor sahayuna. Sok nganaha-naha ka nu ngaranjah leuweung
sahayuna.
Jeujeur nu dicekel diselapkeun jeung kenurna
dicangreudkeun kana tangkal sadagori, Kang Sabri ngadeukeutan kana koja,
pikiranana sabil leupaskeun atawa entong. Mun digoréng garing
dicocolkeun kana sambel jahé, bakal ni’mat didaharna, mun dileupaskeun,
endogna bakal megar jadi burayak sakitu lobana. Kang Sabri panceg,
mending dileupaskeun. Kang Sabri inget ka kapiadina nu keur bureuyeung
bulan alaeun, mun leumpang siga nu ngagégag, teu weléh nyekel beuteung.
Kang Sabri inget kumaha cakah cikihna kulawarga waktu kapiadina brol
ngajuru. Kang Sabri ngadéngé kumaha ngahégakna nu ngajuru. Kang Sabri
milu ngarasakeun kumaha bagjana nu ngajuru kalawan salamet, orok
diadanan, orok dimandian, orok dibagéakeun. Indung jadi papayung, indung
tempat panyalindungan, kanyaah indung moal laas ku jaman.
Koja
dibuka, lauk disorong sina ngoloyong ka walungan bari pok ngomong
lalaunan “Leungli jung geura ngajuru, sing baranahan, anak manéh sing
loba minuhan ieu walungan, geura aping anak manéh nepi ka gedé. Bulan
hareup uing rék nguseup deui didieu, meureun bulan hareup mah manéh téh
kawajiban ngaping anak geus lekasan, manéh kudu nyantok deui eupan kami”
kang Sabri nyebut leungli téh pédah inget kana dongéng Si Leungli, lauk
nu sosobatan jeung budak awéwé lanjang.
Keur kitu aya nu ngomong tukangeunana, teu kanyahoan ti mana jolna “Naha dileupaskeun jang guru?”.
Ari dilieuk sihoréng mang Kanta, tukang béca nu sok mangkal di hareupeun sakola tempat kang Sabri ngajar.
“Eu..sumuhun mang, karunya nuju buncir endogan”.
“Lah jang guru mah, ari ka emang teu karunya kitu?. Mun di ka emangkeun mah cekap kanggo ngalironan beas tilu kiloeun”.
Kang
Sabri teu ngomong, ukur ceuleumeut bari sibanyo terus mérésan koja.
Kang Sabri teu mikir nepi ka dinya, teu mikir lauk kudu dibikeun ka mang
Kanta.
“Muhun mang, engké upami kénging deui” ukur kitu omong kang Sabri.
“Leres
jang guru, da panginten urang mah benten paniatan nguseup téh. Éta
emang mah sakapeung sok nongton nu nguseup di laut dina télévisi,
geuning upami tos kénging téh laukna sok teras dileupaskeun deui”
“Bénten paniatan kumaha mang?”
“Ari
emang mah nguseup téh teu bénten sareng usaha numbu umur, hasil tina
nguseup téh kanggo barangdahar barudak, selang-selang tina ngabeca.
Upami hasilna seueur tiasa digentoskeun kana béas, upami hasilna sakedik
nya sok digoréng wé kanggo réncang sangu. Ari niat jang guru mah
panginten nguseup téh mung sakadar kalangenan, mung resep nuju
disanggutna, hasil laukna sanés udagan. Suka bungah téh nuju
pabenyeng-benyeng kenur, melengkungna jeujeur, gudibegna lauk. Ari
kanggo emang mah suka bungah téh ningali anak tiasa barang dahar,
balakécrakan dahar lauk”.
Kang Sabri unggut-unggutan, kang Sabri mulut kenur, kang Sabri memeres jeujeur.
Mang Kanta ngajogo nungguan useup disanggut. Kang Sabri amitan mulang tiheula.
Sabulan
ti harita dina mangsa poé peré, kang Sabri keur ngajogo sisi walungan,
tempatna urut nguseup bulan kamari. Jeujeur weregu di lelempeng, tali
kenur dibébérés, ruruhit useup make eupan cacing kalung. Niat nguseupna
hayang meunang lauk gedé, mun meunang, laukna rék dibikeun ka mang
Kanta.
Useup dialungkeun kana cai nu liuh, nu caina semu muih lalaunan.
Anteng manteng, neuteup tungtung jeujeur, anteng neuteup tungtung kenur, anteng neuteup budah cai.
Cék
sawaréh nguseup téh pagawéan tambuh laku, ngajejentul moé manéh. Cék
sawaréh nguseup téh neundeun harepan, apan rijki mah tara pahiri-hiri.
Kang Sabri salila-lila ngelelentuk neundeun harepan, hayang ningali
barudak mang Kanta balakécrakan.
Méh tengah poé, jedud useupna aya nu
nyantok, gulusur kenur kadudut, jeujeur geuwat dikenyang ngagentak.
Lauk karasa nyoloyong ngilu kana kenur nu dipulut, euweuh gudibeg,
euweuh pabenyéng-benyéng kenur.
Kaciri lauk badag, nyoloyong
nuturkeun kenur. Kang Sabri olohok, di tukangeun lauk badag ting gurilap
lauk leutik siga nu ngiringkeun, loba, loba pisan, ngaratus boa
ngarebu. Laleutik kénéh sagedé-gedé cinggir budak.
Lauk badag beuki nyoloyong nampeu kana biwir cai hareupeun kang Sabri.
Subhanalloh
cék kang Sabri. Kang Sabri turun ngadeukeutan lauk tuluy dirampa
dihanjatkeun ka darat lalaunan, diangkat ku dua dampal leungeun. Lauk
cicing, lauk ukur engap-engapan.
“Ieu téh manéh leungli?” kang Sabri ngomong semu ngaharewos. Lauk ngagibeg lalaunan.
Dina biwir cai anak lauk beuki ngaronyok, siga hayang ngajol ngadeukeutan ka lauk badag, ka indungna.
Kagambar
beungeut Mang Kanta nganaha-naha basa lauk dileupaskeun deui, kagambar
barudak mang Kanta balakecrakan ngadahar goréng lauk.
Lauk badag diusapan, lauk badag dirawu di ka caikeun deui.
“Leungli
kuring nganuhunkeun, anjeun geus nohonan jangji, anjeun tigin kana
jangji. Jung geura aping anak manéh, sina galedé, sina ngabeungharan ieu
walungan” kang Sabri ngaharéwos bari nepak cai, tuluy sibanyo meresihan
ramo. Lauk ngoléab, nyoloyong ka tengah cai nu ngajumbleng, ngagedebeg
rosa, cai muncrat kana beungeut kang Sabri. Kang Sabri seuri bari ngusap
beungeut nu baseuh ku cai walungan. Lauk teuleum dituturkeun ku anakna
nu laleutik kénéh.
Kang Sabri bébérés, kenur digolongan, eupan diawurkeun ka walungan. Kang Sabri ngagedig ngingkig balik
SI GATOT

Contoh Carpon Bahasa / Basa Sunda Ku Mamat Sasmita
Ku : MAMAT SASMITA
Ngaranna Sanusi, nénéhna Usi. Ngaran basajan, lain ngaran éxtra ordinary. Umurna kakara opat taun. Sapopoé sok buligir, tara dicalana-calana acan. Awakna seseg rada bucitreuk. Dahar rewog. Sagala bres. Komo mun dibéré sampeu manéhot, sampeu nu semu konéng, mun diseupan semu beukah, matak uruy. Dahar sampeu manéhot bari sila andekak, buligir, nyocolan sambel goang, seuhah, késang renung dina tarang.
Usi tara kacaturkeun kungsi gering, paling ukur ngingsreuk kitu gé tara lila. Mun hujan, boh hujan leutik boh hujan gedé kudu wé huhujanan di buruan bari nyoo leutak. Saré dimana dugna. Tetep buligir. Teu betah pisan disimbutan. Kulit sukuna, palebah bitis luarna, mani kandel. Kandel nanding kulit sapi, bakating mindeng digembrong dicoco reungit. Dicoco reungit mah sigana geus teu karasa, komo bangsa bentol ku hileud mah tara kacaturkeun pisan.
Ulin idek liher di buruan. Keur mah ongkoh imahna Usi téh aya di sisi kebon, jeung deuih ari di pasisian mah, di Cibogo Tonggoh, imah téh ancal-ancalan. Anggang jeung tatangga.
Lanceuk-lanceukna geus rada gedé, Usi mah tara dibabawa ulin, da dianggapna leutik kénéh.
Bapana Usi, sapopoéna tatanén. Boga sawah jeung kebon. Nu di sawahan mah teu pati lega, asal hasilna cukup keur dahar sapopoé. Panghasilan nu rada munel tina kebon. Di kebon melak sampeu, hui, taleus jeung sayuran. Bubuahan gé loba, sabangsaning jambu batu, nangka, alpuket, nu kawilang loba téh salak. Salakna sok disebut masir, cenah mah mun didahar karasa siga keusik jaba amis deuih, haseum saeutik, matak seger karasana. Siga salak Bali.
Usi sapopoéna sok diasuh ku ninina, komo mun emana Usi keur ka sawah.
Hiji waktu Usi dicalukan ku ninina
“Ujang kadieu, ieu nini méré anak hayam. Diurus nya sing hadé nya,” kitu cék ninina bari mikeun anak hayam sagedé peureup kolot.
Usi atoheunana dibéré anak hayam téh, ajrag-ajragan jeung émprak.
“Ieu mah bakal jadi hayam jago” cék ninina “Geura tingali” anak hayam dicekel, tuluy sela pingpingna digesek ku dampal leungeun. Enya wé hulu hayam téh ujug-ujug ngeluk siga rék kongkorongok.
Usi resepeun, seuri nyeuleukeuteuk ningali hayam ngeluk siga rék kongkorongok téh.
“Ari indungna kamana, nini?” cék Usi.
“Duka teuing ku careuh duka teuing ku heulang, ieu anakna nu salamet, ngan hiji”.
Usi ngahuleng. Tuluy Usi mawa anak hayam ka kebon, dipangoréhkeun kahakanan tina runtah.
Usi getén ngurus anak hayam. Unggal poé dibawa ulin ka kebon atawa ka sawah, dipangoréhkeun rinyuh, cacing jeung kadaharan sésa. Ari saré kudu bareng jeung anak hayam, puguh wé indungna ngambek, Usi keukeuh, tungtungna ku bapana Usi, anak hayam téh diwadahan kana tingkem, diteundeun gigireun Usi. Hayam morontod téréh ngagedéan, lantaran alus parab.
“Ujang urang béré ngaran hayam téh nya” cék ninina.
“Naon nini ngaranna?”
“Si Gatot wé nya”.
“Naha dibéré ngaran Si Gatot, nini?” cék Usi bari neuteup mureleng ka ninina.
“Engke ku nini dipangdongéngkeun pangna hayam dibéré ngaran Si Gatot. Ayeuna mah urang mandi heula, bisi kaburu soré”.
Usi jigrah. Usi ngingkig leumpang ka pancuran, rék mandi. Dituturkeun ku ninina.
Pasosoré, di tepas, bari ngadagoan magrib, ninina Usi ngadongéng pangna hayam dibéré ngaran Si Gatot.
Paralak ninina Usi ngadongéngkeun carita wayang, kulawarga Pandawa jeung anak-anakna. Dongéngna dijojoan. Salah saurang anakna Bima nyaéta Gatotkaca.
“Tah tina ngaran Gatotkaca ieu ngaran hayam disebut Si Gatot. Gatotkaca téh awakna gagah, kasép, kumisan, beungeut semu beureum, bebenteng keur ngabéla bebeneran, nyaah ka rahayat” kitu cék ninina Usi.
“Geura tingali beungeut hayam ku Ujang, pan rada beureum, jékrém, kasép, siga Gatotkaca, najan hayamna leutik kénéh, komo engké mun hayamna geus gedé mah”
Usi nelek-nelek beungeut hayam.
“Gatotkaca téh gagah sakti, bisa ngapung, anyaclang dina méga malang. Tulangna tina beusi, uratna tina kawat. Tanaga bedas pilih tanding. Bisa ngadéngé najan aya nu ngaharewos ti kajauhan. Bisa ningali najan nu ditingalina jauh pisan. Gatotkaca boga dulur sabapa nyaéta Jakatawang jeung Antareja. Jakatawang nu ngawasa laut. Antareja nu ngawasa taneuh. Jeung dulur silih wangikeun, silih hormat jeung silih bantuan. Silih asih, silih asah jeung silih asuh téh enyaan lain bobohongan”
Lalakon Gatotkaca remen pisan didongengkeun ku ninina Usi, duka teuing leunjeuran caritana mah bener atawa henteuna. Ngan nu mindeng kadéngé ku Usi, Gatotkaca téh pahlawan nagara nu ngabéla bebeneran, jujur jeung nyaah ka rahayat, nyaah ka Si Cepot, Dawala jeung Garéng.
“Matakna, Ujang gé jeung dulur jeung babaturan téh kudu silih hormat, ulah papaséaan, ulah parebut cocooan, ulah silih herengan, ka babaturan kitu deui.”
Usi ngahuleng, da tara parebut cocooan, malah lanceukna Usi sok mangnyieunkeun momobilan tina kulit jeruk bali.
Ti harita hayam dilandi Si Gatot jeung deuih hayamna gé siga nu ngarti mun digeroan Gatot téh sok néléndén. Hayam jago lindeuk ka Usi. Hayam jago linghas ka batur bari sok macok sok ngabintih. Hayam jago carambang bulu bodas totol beureum.
Basa si Gatot keur jajangkar, umur Usi lima taun. Usi tara taranjang deui. Pokna éra ku Si Gatot, apan awakna luis ku bulu. Éra ku Gatotkaca najan Gatotkaca wayang tina kai, tapi maké baju. Mun Usi maké baju, kaciri kéwes pantes, buuk mindeng digolep.
Basa si Gatot geus déwasa, Usi kakara asup sakola dasar.
Si Gatot geus kawentar sakampung Cibogo Tonggoh, hayam jago euweuh nu ngéléhkeun.
Usi sakolana soson-soson. Harepan aya dina dada, brajawisésa. Harepan aya dina panon, dina ceuli, saptapangrungu. Harepan aya dina dampal leungeun, brajamusti bajingakiri. Harepan aya dina tuur, brjadenta brajawikalpa. Harepan aya dina dampal suku, tapaknanggala. Usi hayang siga Gatotkaca, hayang siga si Gatot nu gedé kawani.
Usi kungsi nyaksian Si Gatot ragot jeung heulang, basa sawah rengsé panén. Ka sawah nu geus panén loba hayam ngoréhan jarami néangan bangsal, si Gatot kokotak tarik bari sisirintil, sigana ngabéjaan di langit aya heulang. Hayam nu keur anakan ribut, pahibut nyumput, anak hayam tingcariak, lalumpat nyumput dina handapeun jangjang indungna. Si Gatot nyebrut, awakna méh ngapung, guprak nubruk heulang nu nyoloyong rék ngaranggeum hayam. Heulang ngajengkang, Si Gatot ngagarapak bari ngabintih, heulang ngadaligdeu, tayohna reuwas teu nyangka rék aya nu nubruk. Heulang jaya di awang-awang, dina taneuh ukur mébérkeun jangjang. Usi muru bari mawa pangilang dituturkeun ku indungna nu keur moé paré. Heulang hiber dibaledog leutak ku indungna Usi. Si Gatot kokotak ramé, Usi ngilu sisirintil ngudag heulang nu geus mumbul ka luhur.
Si Gatot jadi sabiwir hiji, wani ngalawan heulang, Usi beukah irungna asana dirina nu dipuji. Enyaan Si Gatot gedé kawani. Usi tambah kanyaah, Si Gatot mindeng diogo, diparab ku cacing kalung, diparab kuuk, diparab jangkrik, geus puguh ku béas atawa paré mah.
Kungsi aya jelema nu ngocal-ngocal nawar Si Gatot, pédah kawentar hayam jago nu tara éléh diadu. Gantawang téh Usi nyarékan laklakdasar, majarkeun kolot euweuh gawé, tukang ngadu hayam mah di ahératna gé bakal diadukeun siga hayam. Indungna Usi sanduk-sanduk ménta dihampura ka tamu “Ujang éta teu kenging kitu ka tamu,” pokna. Usi mah tetep wé nyarékan bari jeung malédog sagala, “Wah kolot teu uyahan ema, tukang ngadu hayam,” cek Usi. Tamu téh mengpéos bari kuram kireum. Sanggeus tamu euweuh, Usi digelendut ku indungna, dipapagahan ulah kitu peta ka tamu.
Usi némbalan:”Ema, éta téh tukang ngadu hayam, bumina caket sakola, karunya ningal hayam ngan dikurungan wé saendeng-endeng, sok diadukeun di pengkereun bumina.” Indungna Usi teu majar kumaha, “Ari éta ujang terang ti mana, di ahérat tukang ngadu hayam mah sok diadukeun siga hayam?”
Usi ngajawab:”Kapan dongéng bapa, ramé ma ari bapa ngadongéng téh.” Indungna ukur unggut-unggutan.
Enya, da jaman harita mah jaman keur werit, nu boga radio gé ukur hiji dua, komo télévisi mah ukur béja. Nu disebut hiburan téh euweuh deui iwal ti ngadéngékeun indung bapa atawa ninina ngadongéng. Bapana Usi mindeng ngawih bari maca wawacan Purnama Alam. Indungna sok nyaritakeun para sahabat nabi. Ari ninina mah mindeng ngadongeng wayang. Nu napel dina ingetan Usi tina dongéng bapana nyaéta Ratna Suminar, wanoja gedé kawani nu nyekel pageuh kana tetekon bebeneran, najan kalan-kalan barangasan tapi ajrih ka Déwi Pramanik. Ari tina dongéng indungna nu napel dina ingetan Usi téh nyaéta carita hiji indung katalangsara nu ngulub batu keur ngabobodo anakna ulah ngaéh ceurik baé lantaran kalaparan, ambéh disangka keur nyangu, nepi ka pangkat Halifah gé daék manggul béas. Dongéng ninina nu nepal dina ingetan Usi téh nyaéta dongéng Gatotkaca nu lébér wawanén ngabéla nagara.
Usi junun sakolana, boga cita-cita hayang ngabéla nagara siga Gatotkaca, hayang lébér wawanén siga Ratna Suminar, hayang gedé kanyaah ka sasama, ka rahayat siga Sayidina Umar. Ku babaturanana remen dilandi Si Gatot. Maké baju tetep rapih, buuk tetep digolep.
*
Taun 2011 Sanusi keur jeneng, jadi walikota. Malah jenengna periode kadua lantaran kapaké jeung kapilih ku rahayat. Mindeng ngurilingan kota, teu pati ngarasa kumaha macétna patalimarga da mun indit-inditan teu weléh dikawal maké sirine. Mindeng ulin ka pasar tradisional jejeblogan maké sendal capit, make calana sontog. Mindeng ngilu ngarawu runtah nu bacacar di sisi jalan. Mindeng ngilu sasapu hareupeun balé kota. Mindeng milu sasapu di unggal taman nu aya di kota. Mindeng meuli rujak bebek di sisi jalan. Mindeng niup suling jeung nu ngamén, mindeng ocon jeung nu maén dogér monyét di parapatan jalan. Mindeng ngilu meresihan WC umum di terminal beus.
Sanusi, ayeuna mah tara aya nu nyebut Usi, keur ngabaheuhay dina korsi males di tepas hareup imahna, poé peré ayeuna mah euweuh acara nu kudu didatangan, éstu hayang cicing di imah, ngareureuhkeun palay. Éstu hayang ngaraga meneng, cicing di imah ngararasakeun betahna hirup. Angin ngahiliwir nebak daun tangkal samolo, najan keur usum halodo, keur hareudang bayeungyang, di imahna karasa nyecep tiis da liuh ku tatangkalan. Kurunyung nu pikét jaga di gerbang hareup datang, mikeun surat-surat. Surat-surat téh satumpukan, aya ti yayasan, aya ti LSM, aya ti organisasi pangajian, aya ti DKM, aya ti partey politik. Geus kajudi eusina, mun ti yayasan pasti eusina proposal, mun ti LSM pasti nyabit kakurangan gawe, mun ti organisasi pangajian pasti hayang dihadiran, mun ti DKM biasana hal ngawangun masjid. Aya surat nu rada béda, nu ieu mah sigana ti pribadi, surat téh méh-méhan teu dibuka, da biasana nu model kitu téh surat kaleng, nu eusina ngalaporkeun bawahanana nu basilat, nu teu waras gawe atawa ngalaporkeun nu salingkuh atawa nu kumpul kebo.
Amplop surat disoéhkeun, da dirapet pageuh. Surat téh panjang, aya kana opat kacana ukuran folio nu aya guratna. Tulisanana meunang nulis ku leungeun lain meunang ngetik ku komputer, gurat tulisanana ipis kandel. Nandakeun nu nulisna ti sakolaan jaman baheula, nulisna sigana lain maké bolpoin, tapi maké pulpén mangsi, mun henteu ku kalam gé. Rapih, sigana nulisna diapik-apik, atawa kitu wé meureun tulisan kaluaran sakola baheula mah, alus. Basana basa loma, lain basa lemes. Bubukana mah biasa wé maké salam tuluy aya kecap mugi aya dina kawilujengan. Nu ngagebeg éta nyebut Sanusi téh ku Gatot. Cenah ngahaja nulis Gatot téh ambéh inget deui kana cita-cita baheula hayang boga ketak siga Gatotkaca dina ngabéla nagara, ambéh inget deui kana dongéng Sayidina Umar r.a nu manggul gandum lantaran aya rahayatna nu katalangsara nepi ka ngulub batu. Ambéh inget deui kana ketak Ratna Suminar nu ajrih ka Déwi Pramanik. Enyaan nulisna téh ku basa loma da nepi ka aya kecap kieu : “Gatot, uing mah lain teu satuju ilaing meresihan WC di terminal beus, kacipta pangkat walikota ngagosrék nyikat WC, kahadé eta gawe teh bisi ukur pupujieun, ambeh katangar hayang kapake ku rahayat nu bakal milih. Padahal masih loba keneh nu leuwih penting nu kudu dipigawe ku walikota, nyaeta meresihan tina panyakit korupsi.” Cék eusi surat deui “Uing mah hayang ngadéngé ilaing ngomong di hareupeun balaréa yen di kota ieu beresih tina korupsi, terus aya kasanggupan mun aya bawahan nu korupsi, ilaing sanggup mundur, sanggup eureun tina kalungguhan walikota, kapan bawahan mah tara salah, nu salah mah nu mingpinna.”
Sanusi ngahuleng salila-lila, na saha nu ngirim surat téh? Dina pikiranana nataan hiji-hiji sakabéh dulurna nu nyaho perkara Si Gatot, hayam jago inguanana. Asa euweuh dulurna nu bakal nyieun surat siga kitu. Boa-boa babaturanana jaman keur sakola dasar baheula kitu? Bisa jadi. Sanusi ngilikan alamat nu ngirim surat. Aya ngaran jeung alamatna mah, tapi da teu wawuh ka ngaran éta. Sanusi nimbang-nimbang, naha perlu atawa henteu disusud, cék pikirna teu perlu disusud, teu perlu ditaléngténg saha-sahana.
Surat dibaca deui, dijojoan.
“Meungpeung jeneng kénéh, kudu hadé gawé. Nu disebut hadé gawé….ah didinya gé meureun ngarti naon nu disebut hadé gawé téh. Tapi sahenteuna nilik hadé gawé téh lain cék sorangan, tapi kudu cék batur, cék rahayat. Uing embung boga walikota mun geus eureun tina kalungguhanana (di dinya mah moal dipilih deui da geus dua kali lin?), tuluy dikerewed dititah saré di hotél pordéo, dibui, dititah milang jariji beusi alatan basilat. Beu matak éar jeung matak éra rahayat sakota, anak pamajikan bakal meungpeun saendeng-endeng, dulur-dulur ngaharintul, indung bapa nandang wirang.”
Di bagian handap surat kabaca:”Hampura lur, uing mah nulis surat téh bakating ku nyaah wé, uing gé mindeng dipapatahan ku kolot keur budak, atuh geus kolot mindeng mapatahan ka anak sangkan hirup junun, sangkan hirup jujur, ngan apan mindeng kabelejog da loba pangbibita haliah dunya. Ongkoh deuih nulis surat téh basana bisi karasa kasar, sakali deui hampura. Bisi ngarasa kaganggu ku ditarimana ieu surat, anggap wé euweuh, suratna diduruk wé. Aéh heueuh, mun teu salah déngé énté téh hayang nyalon jadi gupernur, alus tah, ngan kahadé wé sing inget kana umur jeung kamampuh, bisi rahayat ngarasa kabelejog, bahaya mun rahayat geus ambek mah matak geumpeur saréréa. Uing mah ukur ngajurung ku du’a mugi sadayana aya dina karidoan Alloh Swt.”
Sanusi ngadayagdag bari semu ngeureuceum, surat ditilepan, digolérkaeun dina méja. Sanusi ngarawél koran nu ngabarak dina méja, dipaké ngageberan awak nu karasa hareudang bayeungyang. Kagambar pameunteu emana, bapana, ninina nu geus euweuh dikieuna, boa keur nyerangkeun ti alam kalanggengan bareng jeung Si Gatot
ONYET

Contoh Carpon Bahasa / Basa Sunda Anu Judulna Onyet.
Carpon : ONYET
Rumasa
rada tambélar. Rumasa indit poék datang poék. Kitu téh pedah hayang
gawé suhud. Kang Sabri ngahuleng, diuk dina korsi di hareupeun imah,
bari ngararasakeun hawa tiis isuk-isuk.
Jol pamajikanana, diuk gigireunana.
“Kang, tong diemutan teuing atuh, namina gé budak, can gaduh wiwaha”.
Kang
Sabri ukur ngarérét ka pamajikanana, terus neuteup ka jauhna. Jung
nangtung, babatek awak.Kang Sabri nitah pamajikanana nyokot sapatu olah
raga.
Kang Sabri ngajigjirg, olah raga lulumputan di jalan
komplék imahna. Bari lumpat lalaunan pikiranana uleng. Enya da lain teu
ngarti ka budak, bener budak mah can boga wiwaha, komo ieu kakara umur
tilu taun jalan ka opat taun, balita kasebutna gé.
Kabisana kakara
diajar ngomong capétang, lulumpatan di imah, ruwal rawél kana naon baé
nu bisa dirawél. Ngarti, ngarti pisan, budak mah can boga wiwaha.Moal
kitu mun diomongan ku bi Amah?. Atawa disingsieunan ku bi Amah?
Asa
mustahil mun nepi ka kitu. Najan enya bi Amah téh ukur badega di
imahna, asa pamohalan nepi ka kudu ngomongan budak nu teu pararuguh mah,
jeung ongkoh pan budak mah can boga wiwaha.
Kang Sabri téh boga
budak tilu, cikal mah awéwé geus kelas dua SMP, pangais bungsu gé awéwé,
kakara kelas lima SD. Nu bungsu lalaki, umurna kakara opat taun jalan.
Tadina mah ngarasa cukup boga anak dua téh, ngan hayang lalaki,
kahayangna téh diparengkeun, borojol nu bungsu, matak umurna gé rada
ganjor jeung lanceukna.
Karasa bagja hirup téh, karir di pagawéan
nérékél najan kakara kasubdin di pamaréntahan, pamajikan bageur, barudak
séhat. Ngarasa tanggung jawab ka kulawarga, nepi ka gawé toh-tohan,
indit subuh datang peuting téh enyaan. Urusan rumah tangga mah
sagemblengna ku pamajikanana da teu digawé kantoran. Aya kagiatan mah,
kitu wé kagiatan jeung tatangga sa-RT atawa sa-RW, osok rajeun ngilu
kagiatan ibu-ibu di kantor kang Sabri. Lantaran boga si bungsu nu leutik
kénéh, nya néangan nu babantu, nu kapeto téh bi Amah, urang Ciawi Tasik
wedalan pasantren ti Sukapancar. Awéwé tengah tuwuh, sagala bisa jeung
rapékan. Pamajikan kang Sabri mah kacida nyaaheunana ka bi Amah téh,
malah geus teu dianggap badéga, tapi dianggap kolotna, nepi ka barudak
ge dititah nyebut Enin, nenehna tina nini.
Kang Sabri ngemprid
lumpat, ngurilingan taman di komplék imahna. Mimiti mah diajam hayang
bari ngasuh si bungsu lulumpatan téh. Tapi budak magol, embungeun,
dipaksa ge kalah ceurik bari montel ka indungna. Haté kang Sabri asa
digerihan. Rumasa ari kituna mah, tambélar ka budak. Budak téh tara
pisan nyebut ayah, da kitu dibasakeunana di kulawargana, ka bapa nyebut
ayah ari ka indung nyebut ibu. Can kungsi kang Sabri digeroan ayah ku nu
bungsu ti saprak budak diajar ngomong, Tong boro digeroan, dalah
dideukeutan gé budak téh ngadon murengked, siga nu sieun. Pan ari batur
mah budak lalaki jeung bapa teh sakitu sok ruketna, gegelutan téa, silih
kélékéték téa. Ieu mah éstu siga nu embung wawuh. Tapi ari ka batur mah
teu bauan, malah ku batur mah sok disebut wanter. Atuh jeung lanceuk
lanceukna sakitu ruketna, lucu mun geus nyebut tétéh, bari rada cadél
téa. Ka lanceuk nu panggedéna sok ménta dipanggambarkeun lauk emas atawa
guramé, da karesepna kana lauk cai. Mun dahar jeung lauk emas atawa
guramé sok cacamuilan siga nu ni’mat.
Sadar kana karumasaan sok
tambélar ka kulawarga, kang Sabri ngarobah diri, unggal poé peré sok
ngusahakeun aya diimah, ambih bisa babarengan jeung anak-anakna.
Ngarobah kitu teh geus aya sababaraha bulan kaliwat, ngan can kaciri aya
hasilna utamana ka budak nu bungsu.. Cara poé Saptu ayeuna. Bagja temen
mun bisa olah raga bareng sakulawarga, nungtun budak, meuli surabi sisi
jalan atawa meuli bubur hayam, dahar cacaleuhakan bari gogonjakan,
sakalian mépés késang.
Keur kang Sabri nyigcrig leumpang gancang,
bari rada ngahégak, hapéna disada, tuluy ditembalan. Tong boro keur
olah raga, dalah keur mandi gé hapé téh kudu wé deukeut manéhna.“Pa,
kadu tos dikintun opat puluh kilo, biasa ka jalan Buah Batu” cék nu
nelepon.
“Nuhun, tong maké istilah kadu atuh bisi KPK apaleun, ganti ku istilah guramé”
“Siap pa, asal proyékna nu sanés kénging deui ku abdi”
“Bisa diatur, tos nya, nuhun” cék kang Sabri bari nutup hapéna.
Kang
Sabri leumpangna beuki gancang, aya rasa bungangang, bari nyusut késang
nu mimiti renung dina tarangna. Aya dua kuriling deui mah, ngurilingan
taman, terus mulang.Di hareupeun imahna leumpang rerencepan da kadéngé
budak nu bungsu ceuceuleukeuteukan, sigana keur diheureuyan ku
lanceukna. Enyaan budak téh hégar, enyaan budak téh capétang, enyaan
budak téh sonagar.
Kang Sabri teu kaampeuh hayang ngiluan ka nu
keur heureuy, panto dibuka disakalikeun bari nyebut “Baaa…”. Angkanan
mah budak téh rék tambah nyeuleukeuteuk, tapi kalah ngagoak tarik bari
nyebut “Onyééét…” tuluy ngagbrug ka lanceukna, siga nu sieun. Kang Sabri
ngarengkog, nu tadina hayang heureuy jeung budak téh jadi ceuleumeut.
Jep imah jempling, nu bungsu ngingsreuk. Torojol pamajikan kang Sabri ti
dapur “Aya naon?” cenah. Euweuh nu ngajawab, ngan budak wé nelenjeng
ngagabrug ka indungna.
Kang Sabri ngaléos, ucul-ucul baju olah
ragana, gebrus mandi. Bérés mandi tuluy saged, ngaluarkeun mobil,
ngaguluyur teuing kamana. Dina pikir kang Sabri naha budak téh nyebut
onyét ka dirina, naon atuh onyét téh.
Ampir tabuh lima soré kang Sabri kakara mulang bari rébo ku babawaan aya bubuahan, aya lauk guramé, aya kuéh jeung cocooan.
Di
imahna kasampak Bi Amah keur ngajar ngaji ka barudak, kitu wé maca
Qur’an, nu bungsu ge milu sila andekak deukeut bi Amah, maké sarung
leutik jeung dipéci bodas. Pantes budak téh jeung kasép deuih.
Kang Sabri gé ngilu diuk deukeut pamajikanana, babawaanana mah cul wé nambru di tengah imah.
Bi
Amah geus biasa ngajar ngaji, atuh kana maca buku umum gé dokoh, pokna
gé “Maca mah naon wé, nu saé kanggo picontoeun, nu awon kanggo
pieunteungeun”. Jeung ongkoh deuih ku pamajikan kang Sabri dipupujuhkeun
pisan, supaya barudak diajar ngaji bari ngadagoan waktuna magrib.
Geus
kabiasaan mun bérés ngajar ngaji, bi Amah sok terus ngadongéng, tara
lila paling gé saparapat jam. Mimindengna nu didongéngkeun téh monyét
jeung kuya. Barang ngadéngé rék ngadongéng téh budak mani émprak, atoh
sigana. Harita gé Bi Amah ngadongéng monyét jeung kuya, monyét nginjeum
suling tulang maung nu kuya, tapi teu dibikeun deui.
Cék Bi Amah “Tah
urang mah teu kénging siga onyét, teu kenging hawek, teu kenging
cilimit, teu kenging makmak mekmek, teu kenging ngaku barang nu batur,
saur jaman ayeuna mah teu kénging korupsi, margi éta téh haram, komo
upami mésér tuangeun tina artos korupsi mah dipahing pisan”.
Celengkeung
téh budak nu bungsu ngomong “Hi hi onyét…” bari nunjuk ka kang Sabri,
terus budak téh maléngos bari ngajebian ka lanceukna.
Lanceuk-lanceukna sareuri, ari Bi Amah jeung indungna mah ngabetem wé, kang Sabri seuri maur.
Peutingna sanggeus barudak sararé, kadéngé tinggerendeng obrolan salaki pamajikan, nu kadéngé téh omongan pamajikanana.
“Kang
urang candak hikmahna wé, da murangkalih mah suci bersih kénéh, boa
urang nu kirang wiwaha, bilih urang kantos gaduh kalepatan boh saur
agama boh darigama”.
MA INUNG NGARAWU TANEUH

Contoh Carpon Basaha / Basa Sunda Karya Mamat Sasmita
Carpon : MA INUNG NGARAWU TANEUH
Ku : MAMAT SASMITA
Imah
téh pikabetaheun najan ayana di pasisian. Disebut di pasisian téh pédah
wé deukeut wates kota. Imah camperenik, modél kaayeunakeun, minimalis
téa cenah. Atuh da hayang imah di tengah kota Bandung mah beu pimanaeun,
pisabaraheun hargana jeung geus euweuh lahan ongkoh. Meuli imah didieu
gé meureun geus diitung, sakumaha anggangna ti tempat pagawéan, wayah
kumaha macétna di jalan, wayah kumaha kudu nganteur budak ka sakola
jeung sajabana ti éta. Tapi aya untungna lantaran padeukeut jeung
pilemburan, padeukeut jeung pasawahan, disebut untung téh pédah wé
hawana seger kénéh, teu cara di tengah kota, bayeungyang jeung
haringhang.
Keur Ma Inung mah genah wé nu aya, diangkir ka kota téh.
Mangpuluh-puluh taun cicing di pilemburan, najan sapopoé jadi guru
sakola dasar gé angger wé ulin ka Bandung mah arang langka. Can lila
pangsiun tina guru téh aya kana lima bulan mah, sanggeus pangsiun asa
euweuh cabak, kadangkala ngarasa kesel. Komo sanggeus salakina miheulaan
mulih ka jati mulang kaasal. Hirup asa cuang cieung. Matakna waktu
diangkir ka kota ku anakna, giak nyanggupan. Keur Ma Inung nu kaimpleng
téh bakal resep ngasuh incu. Mangkaning incuna téh aya dua, nu hiji
awewe kakarar sakola di SD kelas hiji, ari nu saurang deui lalaki kakara
umur opat taun jalan. Keur meujeuhna kembang buruan, lucu ku
capétangna.
Bageur boga minantu téh, karasa kanyaahna, ari
ngobrol omhang teu weléh nyeuleukeuteuk seuri Geus aya kana sabulanna
bareng jeung anakna téh. Sapopoé ngasuh incu, nu leutik nu gedé, ari nu
gedé mah sanggeus balik sakola, malah apan dipapagkeunana ka sakola gé
ku Ma Inung, kana béca nu geus ngalanggan.
Ari kaprak keprek di imah
mah aya nu babantu, budak lanjang ti Cilacap, alus deuih budak téh,
gawéna getén, masak pinter, nyeuseuh beresih, sagala pagawéan kasiwer,
kapaké deuih.
Anakna jeung minantuna tara aya di imah da duanana
digawé. Nyiar kipayah keur hirup jeung huripna kulawarga. Resep ngasuh
incu téh, cék pikirna teu béda jeung ngasuh barudak di sakola jaman keur
ngaguruan kénéh kelas hiji SD. Tapis pisan jeung apal kana
lilingeranana ngasuh budak. Ongkoh deuih incuna mah euweuh nu bangor,
euweuh nu pikakeuheuleun, sigana perbawa ti indung bapana nu bageur.
Incuna mah tara nepi ka ceurik lolongséran pédah teu diturut kahayangna.
Tara kaciri hayang jajan di warung, atawa hayang meuli cocooan, éstu
barang dahar téh cukup ku nu aya di imah, kitu deui cocoan.
Lain
pédah di imah sagala aya, atawa owel ku duit keur jajan, tapi
dibiasakeun ti leuleutik, dibiasakeun tara jajan, dibiasakeun tara
barangbeuli sakahayang budak. Atuh da sok teu resep mun ningali budak
leutik ngarenghik hayang jajan, teu kaop ningali warung, komo mun bari
keur nyémah.
Bada isa, incuna nu leutik dipépéndé ku Ma Inung,
dihariringan ku pupujian, digeberan ku tungtung samping, budak téh reup
saré tibra, bari leungeunna nangkeup ka Ma Inung.
Ma Inung neuteup beungeut budak, buukna diusapan, celengok dicium. Kasép budak téh.
Anteb
neuteup beungeut budak, teu karasa dina kongkolak panon Ma Inung aya nu
hérang ngagéndang, celengok deui budak dicium. Majarkeun sok leuwih
nyaah ka nu jadi incu, ieu pisan nu karasa ku Ma Inung. Ditahan téh naha
kalah ka beuki merebey cimata.
Kulutrak kana panto aya nu muka, minantuna rék mindahkeun anakna, ningali Ma Inung reumbay cimata téh kalah ngaheugeu, neuteup.
“Ka dieu geulis, yap kana pangkuan ema.”
Minantuna ngagoloyoh, “Ema téh teu damang?” pokna.
“Henteu geulis, ema mah reumbay cimata téh bakating ku bagja, kuduna mah…,” teu kebat ngomongna.
“Kedahna naon ema?”
Ma Inung ngahuleng, semu nu hanjakal kalepasan ngomong.
“Geulis,
ieu kabagjaan téh lain milik ema sorangan, kuduna mah aya deui nu
ngarasakeunana, nyaéta akina ieu si kasep,” ngomongna téh bari ngusapan
incuna nu keur saré ngageubra.
Dikitukeun téh minantuna
nangkeup ka Ma Inung, bet teu ku hanteu deuih kalah ngiluan merebey
cimata. Aya nu nyedek dina angen, aya nu nu nyodok kana tikoro.
“Ma,” cenah bari nangkeup beuki pageuh.
“Ema
téh hayang norowéco, ema téh hayang sagala diomongkeun ka si jenat
kumaha lucuna ieu si kasép, kumaha pinterna si geulis. Ema téh hayang
nyarandé kana dadana, hayang ngadéngékeun keteg jantungna. Tengtrem
nyarandé dina dadana mah, ema gé sok diusapan, bari manéhna
murintil-murintil buuk ema. Ema téh hayang mencétan taktakna nu mindeng
karasa cangkeul, ema téh hayang ngabalur tonggongna ku minyak gosok,
waas ku teurabna. Mun inget ka dinya ema sok merebey cimata, inget ku
bélana, inget ku heureuyna, inget ku poksangna.Mun ema rungsing ku
pagawéan, manéhna sok ngabeberah, sok ngarancét pundak bari heureuy
noélan iga. Ema mah asa diheulang.”
Enya kaharti ari kituna mah,
salakina Ma Inung maot ngadadak, teu kungsi gering heula, keur solat
subuh teu cengkat deui. Cék omong batur mah cenah serangan jantung, aya
deui nu nyebutkeun kasakit angin duduk. Maotna téh sababaraha minggu
sanggeus Ma Inung nampa SK pangsiun.
Minantuna nginghak lalaunan dina lahunan.
“Geulis
urang du’akeun yu.” Ma Inung cengkat, bari nyengkatkeun minantuna,
tuluy ka cai rék wudu. Minantuna mah regeyeng ngangkat anakna
dipindahkeun saréna ka kamarna.
Biasa ari poé Saptu téh Ma Inung
mah sok saged, maké baju olah raga, di topi, disapatu atuh incuna nu
leutik gé sok dibawa, sarua maké baju olah raga, sarua sina maké topi,
maké sapatu.
Ari poé Saptu mah anakna jeung minantuna araya di imah,
teu digawé, jadi nu nganteurkeun ka sakola atawa ngajemput incuna nu
gedé téh bisa ku indung bapana. Ma Inung mah laluasa ngadon olah raga,
ngurilingan komplék, leumpang wé bari ngasuh incuna nu leutik
Harita
gé kakara balik ka imah téh méh jam sapuluh, padahal inditna téh ti jam
genep mula, rebun kénéh. Sapatu kalotor pinuh ku leutak, atuh bajuna gé
sarua kalotor, malah sapatu olah raga nu Ma Inung mah dijingjing, incuna
diiringkeun bari luut-léét késang.
Puguh wé anak minantu reuwaseun, disangkana labuh ka solokan.
“Resep, adé mah ameng di sawah,” kitu cek incuna Ma Inung, hariweusweus, ngomongna semu cadél.
“Enya,
tadi téh ema ngilu tandur, nu kasep mah ulukutek wé dina leutak,” cék
Ma Inung, beungeut Ma Inung semu beureum, tayohna kapanasan, jeung
cémong ku leutak.
Anakna Ma Inung jeung minantuna teu lémék teu
carék, ukur neuteup ka anakna jeung ka Ma Inung. Kudu ngomong naon atuh,
rék nyalahkeun sieun Ma Inung kasigeung, rék nganaha-naha ma enya ka
kolot.
“Ibak yu,” minantuna Ma Inung ngajak budakna bari ngalaan sapatuna nu pinuh ku leutak.
“Keun wé sina tuus heula késangna, engké we ibakna sareng ninung,” bari ngarérét ka budak.
Ma Inung sok nyebut ninung, nénéhna tina Nini Inung.
Sangeus
bérés mandi jeung ngamandian incuna, Ma Inung kaprak keprek di dapur
mantuan minantuna masak, kacirina téh keur nyieun angeun haseum.
Ma
Inung ngomong ngarasa sono kana taneuh, ka sawah, ka kebon, kana
pepelakan, kana paré, kana kekembangan kana tangkal peuteuy, kana
tangkal rambutan.
“Atuda di kota mah iraha ema nincak taneuh,” kitu
pokna. Sapopoé maké sendal, maké sapatu, di imah, di pakarangan, di
jalan, dina mobil, tara leupas ti sendal. Hirup siga nu embung wawuh
kana taneuh.
“Matakna, basa ningali aya nu tandur, ema mah gebrus wé ngilu tandur, ancrub bebelekukan.”
Ma
Inung norowéco, cenah karasa kumaha ngusapanana leutak kana dampal
suku, kana keuneung, kana kulit suku. Karasa leutak ngabagéakeun
tungtung ramo. Karasa taneuh ngabagéakeun getih nu ngamalir dina
urat-urat, geterna nyaksrak kana tonggong, kana sirah, kana buuk. Taneuh
méré ajén harti hirup, méré tanaga, méré énergi positip.
Cék Ma
Inung kénéh, awak urang téh kudu wanoh kana taneuh, ulah jéjérégéd mun
nincak taneuh, tong poho awak urang téh asal-muasalna tina taneuh tur
bakal balik deui kana taneuh. Kumaha rék mikacinta ka lemah cai mun suku
gé salawasna maké dadampar, maké sapatu, maké sendal, tara antel pisan
kana taneuh. Atuh moal karasa énergi positip tina taneuh kana awak téh.
Di dayeuh mah hareupeun imah ditembok, di jalan maké aspal atawa
dibeton, saincak-incak téh ukur aspal jeung beton, pimanaeun suku wawuh
kana taneuh. Sakalieun budak teu make sapatu atawa sendal gé apan
dinaha-naha, bisi kotor téa, bisi aya caing téa.
“Ieu tahu téh rék digoréng?”
“Muhun Ma.”
Ma Inung ngagoréng tahu, dibulak-balik.
“Mun
ditilik-tilik ampir kabéh kadaharan asalna tina taneuh, nu matak kudu
nyaah ka lemah cai, nyaah kana taneuh jeung cai téh ulah ngan ukur
lalambé.” Terus Ma Inung ngomongkeun gegedén pamaréntahan nu bacéprot
pidato kudu nyaah ka lemah cai, tapi sakalieun ngilu panén gé disapatu
karét nu nengah bitis, da embung baseuh, embung keuna ku leutak, atuh
leungeun maké kaos, sieun ateul meureun. Ucap jeung lampah patojaiah
pisan. Moal enya nu kitu disebut mikacinta ka lemah cai?
Minantuna nu keur nyiksikan bawang beureum ukur unggut-unggutan, teuing ngarti teuing henteu.
“Ma, upami minggu payun urang ka Cangkudu, kersa?”
“Ka Cangkudu?” Ma Inung neuteup ka minantuna semu teu percaya.
“Muhun
ma, abdi badé milarian nangka asak, aya nu pesen ti kantor, sareng
kaleresan apan tétéh sakolana peré da beureum dina kalénder gé.” Incuna
Ma Inung nu gedé sok disebut tétéh.
Ma Inung jigrah, kaciri dina sorot panonna. Ma Inung gumbira kaciri dina ucapna. Ma Inung hayang geura indit.
Minggu
hareupna mobil nyemprung ka wétankeun, Ma Inung diuk di hareup,
gigireun supir, nu nyupirna anakna, di jok tukang incu-incuna jeung
minantuna. Inditna poé Jumaah sanggeus baralik gawé, bada asar, ambéh
nepi ka lembur bada magrib.
Méméh Ciawi, méngkol ka kénca, brasna ka Cipanas. Di Cipanas eureun heula ngilu solat magrib, teu lila da hayang buru-buru nepi.
“Ti
dieu mah jandéla mobil téh tong ditutupkeun kabéh, tong maké AC ambéh
karasa hawa seger, meungpeung teu kudu mayar pajeg nyeuseup hawa téh.”
“Maksadna ma?”
“Enya,
baheula mah cai gé teu kudu meuli, di lembur mah apan unggal imah gé
sok nyadiakeun téko jeung cangkir di hareupeun imah, bisi aya nu
ngaliwat hanaang, apan ayeuna mah cai gé kudu meuli. Sigana kaheureup
mah hawa gé kudu meuli, atawa dipajeg.”
Ma Inung ngagorolang
nyaritakeun cai, yén cai geus jadi barang komoditi, geus jadi inceran nu
boga modal, siga nu ngabaékeun yén cai téh hak azasi, kuduna mah sumber
cai téh dikokolakeun nu hadé, ulah sagawayah dijual ka nu boga modal
keur dikomersilkeun. Kudu aya strategina ngokolakeun cai, jaganinggéto
krisis cai beresih bakal karandapan. Hirup téh nangtung dina taneuh,
nyeuseup hawa, nginum cai, ngasakeun dahareun maké seuneu. Nu encan maké
duit téh ambekan, nyeuseup hawa.
Teu kebat ngobrol dina mobil téh da kaburu nepi ka imah Ma Inung di lembur Cangkudu.
Isukna,
pabeubeurang sanggeus ibun tuus, Ma Inung ngahiras tatanggana néangan
nangka jeung kalapa ka kebon, ari Ma Inung ngabringkeun saanak incu rék
meresihan kuburan salakina.
“Bapa hidep téh keur ema mah pahlawan nu
teu weléh méré inspirasi, nu teu weléh ngajurung ema sangkan betah jadi
guru, nu teu weléh ngingetan sangkan hirup kudu jujur. Najan bapa hidep
sapopoéna ukur tani, karasa kanyaahna, méré conto kudu disiplin, meureun
karasa ku hidep gé.”
Anakna Ma Inung unggut-unggutan, enya da karasa
kumaha ngajurungna hirup kudu wekel, nu kadéngé kénéh téh sual disiplin
cenah sakola téh teu béda jeung melak paré. Kudu nyaho iraha tandur,
iraha ngagemuk, iraha ngayuman, iraha mindo, iraha mangkas, kitu deui
sakola atawa kuliah, kudu nyaho iraha ngapalkeun, iraha ulin, iraha
ulangan, ulah pacorok bisi hasilna gabug.
“Ma urang témbok atuh kuburan apa téh.”
Ma
Inung ngarérét ka anakna “Keun wé heula, ayeuna mah cukup ku tetengger
ieu, keur ciri mah apan ieu aya hanjuang jeung samoja. Hanjuang téh
tanda sangkan urang inget hiji waktu mah urang gé bakal ngahanju, nu aya
di jero taneuh ukur tulang semu bodas sarua jeung tangkal samoja nu
semu bodas.”
Sanggeus bérés meresihan kuburan, nyabutan jukut jeung
ngadu’a, anak incuna mah dititah balik tiheula “Ema mah rék di dieu
heula, sakeudeung deui,” bari ngelapan tetengger nu geus beresih.
Ma
Inung candukul kénéh, nyorangan, leungeunna ngagepluk-gepluk jeung
noélan taneuh kuburan nu semu hideung. Loba nu hayang diomongkeun, loba
nu hayang ditepikeun. “Lalucu, saréhat, geulis jeung kasép incu téh,
bagja, bagja pisan Inung mah,” ngan ukur kitu nu kedal halon kaciri dina
kunyem biwirna. Kerewek kana kantong kérésék urut wadah kembang nu
dipake nyekar, leungeun Ma Inung ngarawu taneuh tina luhureun kuburan,
sakantong kérésék pinuh. Lalaunan cengkat, ngucapkeun salam, indit
lalaunan ngajingjing taneuh dina kantong kérésék bari nyusut cimata nu
ngembeng.
Pasosoré, anakna Ma Inung bébérés babawaan dina mobil,
rék mulang deui ka Bandung. Dina bagasi mobil pinuh ku nangka, kalapa,
sampeu, hui boléd, taneuh sakarung jeung rupa-rupa deui.
“Ma, ari ieu taneuh sakarung kanggo naon?”
“Taneuh
gemuk éta téh meunang ema nyokot ti kandang domba, bawa, keur melak
kembang dina pot, apan di Bandung mah taneuh gé kudu meuli.”
Ma Inung nyuruntul kana bagasi mobil “Éta gé taneuh dina kérésék ulah dikamamanakeun, ulah dihijikeun kana karung”
Ma
Inung ngaharéwos ka anakna:”Ulah geruh bisi jadi pitnah, ieu téh taneuh
tina luhureun kuburan apa, ku ema rék dipaké melak kembang sedep malem
dina pot. Kembang sedep malem téh kadeudeuh apa, ubar ema mun sono ka
apa, kembangna rék disimpen di kamar ema, rek diambung, rék diajak
ngobrol, mudalkeun kanyaah, mudalkeun rasa bagja.”
Anakna ukur
neuteup ka Ma Inung bari unggeuk, surti. Enya da ngajak emana ka
Cangkudu gé, lain néangan nangka néangan nangka teuing, tapi hasil
badami jeung pamajikanana keur panyombo. Ema siga nu kabungbulengan ku
apa, kitu gerentes anakna.
Mobil nyemprung ka Bandung, incu-incuna Ma
Inung ribut, nu lalaki niup empét-empétan, tatarompétan tina jarami
ditambahan ku janur ambéh disadana beuki harus. Nu awéwé ngamaénkeun
wawayangan tina daun sampeu. Dina bagasi mobil aya kukudaan tina
bagedor, aya upih keur sosorodotan, aya kélé keur wadah cai.
Ma Inung ngabelenyéh imut “Nuhun kang, ku didikan akang barudak sakieu mulyana,” gerentes haténa.
KANG SABRI LEUNGITEUN KALANGKANG

Contoh Carpon Bahasa / Basa Sunda Ciptaan Mamat Sasmita
KANG SABRI LEUNGITEUN KALANGKANG
Ku : MAMAT SASMITA
Poe Saptu isuk isuk Kang Sabri geus saged, ti mimiti meresihan motor, meresihan jeket, jeung bebekelan, enya mawa timbel.
Poe ieu poe Saptu, biasana sok marema, da pagawe pabrik sok loba nu baralik ka lemburna.
“Akang kahade anteurkeun heula si Sujang ka sakola…”
“Heug….geus mandi encan si Sujangna..?”
“Enggeus,….keur dibaju heula…!”
Satengah tujuh, Kang Sabri geus ngadius, bari ngabonceng anakna, rek dianteur heula ka sakola.
“Balikna mah leumpang we Sujang, tong hayang dijemput sagala, pan ieu teh pos Saptu sok marema ojeg teh.”
Si Sujang unggeuk.
Enyaan
we marema ojeg teh, nepi ka jam 10 teh Kang Sabri geus narik opat
balikan, malah aya nu rada onjoy sagala da menta di tarik ka Sawah Gede,
teu wudu mayarna rada gede.
Kira kira keur poe manceran, aya budak
awewe nu menta dianteurkeun, teu loba tatanya deui Kang Sabri langsung
nyanggupan, motor dihirupan, budak awewe diuk di tukang, geuleuyeung
motor indit.
Palebah jalan anu lenglang, budak awewe ngagerewek, hayang eureun.
“Eureun Kang,…kuring mah rek turun didieu we,….”
Puguh we Kang Sabri kaget, motor dierem disakalikeun, motor meh mehan ngagaleong.
“Kunaon Nyai….kapan jauh keneh….”
“Embung ….kuring mah kajeun leumpang we….”
“Naha Nyai…?”
Si Nyai bibirigidigan, bari nunjuk kana motor.
“Eta…motor…jeung awak akang euweuh kalangkangan…”
Astagfirullah……Kang
Sabri sababaraha kali istigfar, bari jeung rurat reret kana motor jeung
awakna, enya geuning dirina teh euweuh kalangkangan, padahal harita
panas poe ereng erengan.
Sajongjongan Kang Sabri ukur ngahuleng, bareuheudeun, teu ucap salemek lemek acan.
Si Nyai anu tadi di bonceng geus leumpang miheulaan, malah siga nu lumpat duka teuing sieuneun duka teuing kumaha pikiranana.
Awak
Kang Sabri asa leuleus lir di pupul bayu, teu kuat nangtung, manehna
ngalungsar sisi jalan, atuh motor tetep ngabagug, pikiran baluweng naha
bet kieu.
Geus rada leler tina kareuwasna, jung nangtung, bari tetep
alak ilik kana dirina, teu poho nyabakan motor, enya euweuh
kalangkangan.
Lahlahan motor dihirupkeun deui, hirup saperti biasa,
euweuh kakuranganana, terus ditumpakan, ngadius balik deui, bari
nyemprung tumpak motor pikiran uleng naha, kunaon ieu teh….., leong
motor dipengkolkeun ka sakola si Sujang, sugan geus bubar sakolana,
sakalian rek dijemput.
Enya barang nepi ka buruan sakola si Sujang
keur leumpang, bari cacamuilan ngadahar cilok,…” Sujang…buru buru naek,
urang balik…”
Si Sujang atoheun nu aya, atuh buru buru ngajleng kana
pangboncengan, motor ngadius balik ka imah, sajajalan Kang Sabri teu
weleh rurat reret ka jalan ningalian kalangkang, heueuh nu kaciri teh
ngan kalangkang awak si Sujang siga nu ngadaplok teu puguh , dina hatena
Kang Sabri sababaraha kali istigfar, paingan si Nyai nu tadi
dianteurkeun ngajleng embung dibonceng, da enya ningali kitu mah bet asa
ningnang.
Sanepina ka imah, kang Sabri neundeun motor dinu iuh,
dipipir imah, atuh manehna langsung asup ka enggon, ngabebengkang awak
nangkarak bari panon ngaherang. Ti pipir imah kadenge pamajikanana
ngagorowok…” Naha Sujang wayah kieu geus balik..?”,
“Har …kapan tereh da di jemput ku bapa…!”
“Kutan, maneh di jemput ku bapa, na bapa na kamana ayeuna..?”
“Aya di jero…”
Ningali Kang Sabri nu ngabebengkang kitu, puguh we pamajikanana reuwaseun.
“Kunaon kang…gering..?”
“Hemh..” ukur kitu kang Sabri ngawarona.
Teu lila ti harita Kang Sabri nguniang hudang “ Nyi..Akang deuk ka Pa Mantri heula…”
“Deuk
ka Pa Mantri wayah kieu….wayah kieu mah di Puskesmas keneh atuh…., ku
naon kang gering..?”, bari ngomong kitu teh leungeuna ngaragamang kana
tarang kang Sabri, nyampa bisi panas.
“Ah henteu,…ngan ieu awak asa lalungse..!” bari dug ngedeng deui.
“ Ngopi atuh…!”
“ Heueuh pang nyieunkeun atuh….”
Pamajikanana ngaleos kadapur…” make gula kawung atawa gula bodas kang…?”
“Gula bodas we….ambih nyerep amisna..!”
Bari
ngararasakeun ngeunahna cikopi, Kang Sabri uleng mikiran naha bet aing
teu boga kalangkang, da rarasaanana mah euweuh nu karasa, boh rieut, boh
pegel linu atawa naon we nu kasebutna gering, awak jagjag waringkas
atuh pipikiran teu teu owah, ieu ge yeuh cai kopi rasana sarua jeung cai
kopi nu karasa kamari, atuh sora budak, sora si Sujang sarua siga
kamari teu beda dedengean, hiliwirna angin tina jandela karasana sarua
matak seger kana awak, atuh tetenjoan kitu keneh.
Beak cikopi sagelas
karasa awak leuwih seger, Kang Sabri cengkat, alak ilik kana beker,
leuh lohor meh ahir, gura giru ka cai, teu ka pancuran siga biasana,
wudu ukur dupipir caina tina kele, karasa tiis nyecep.
Sholat kalawan husu, ati gembleng pasrah ka Mantena, teu daya teu upaya anging Allah nu kawasa, nyanggakeun kana kersaNa.
“Kang geura dahar atuh….bisi geringna katutuluyan….” ceuk pamajikanana ti dapur.
Di
dapur dahareun geus nyampak, indungna si Sujang kaprak keprek keur
ngakeul sangu, dina piring kaciri aya pais lele kaambeu melenghir
seungit surawungna, dahar teu pati mirasa, biasana mah ari aya pais lele
teh meh mehan parebut jeung si Sujang, da pangabeuki nurun ka bapa,
sarua segutna kana pais lele teh.
“Geuning ancin kang…?”
Kang Sabri teu ngajawab, sanggeus kokocok leungeun anggur melenyun udud.
“Tuh timbel nu tadi ge aya keneh dina motor, can kacabak…”
Ceuk
gerentes hatena …naha aing mending ngomong ka indungna si Sujang kitu,
naha rek percayaeun manehna, ma enya ku aing kudu dituyun ka hareupeun
imah ngadon papanasan, naha moal matak ear….beu…….
Beak roko sabatang manehna ngagoledag deui.
“Ari si Sujang kamana…?”
“Cikeneh mah aya…!”
“Cik geroan sina kadieu pang meulikeun roko kituh…”
“Sujang…kadieu, ieu bapa pang meulikeun roko…”
Sabenerna
mah lain hayang hayang teuing dipangmeulikeun roko, nu puguh mah hayang
nyaho naha si Sujang nyahoeun atawa henteu yen awak jeung motor manehna
euweuh kalangkangan.
“Roko naon bapa jeung kaman meulina..?”
“Roko keretek, ka warung Ua maneh..”
“Sujang…ari maneh geus bisa kana motor…?”
Ditanya kitu teh si Sujang ukur ngaheheh.
“Eta
tuda tadi waktu di bonceng mani sakitu tipepereketna, ke geus gede
maneh kudu bisa, sahenteuna bisa nalangan bapa, bisi bapa gering, ari
tadi basa dibonceng teh genah…?”
“ Nya genah atuh Pa….ngararasakeun angin kana ceuli..ngahiuk,….”
“Eta sugan teu rarat reret kana taneuh, titincakeun ban…”
“Henteu..peureum we da…”
“Heueuh atuh…ngan lamun geus gede heug mawa motor, kahade kudu ningali jalan titincakan, jeung ulah peureum…bisi ngagaleong.”
Alhamdulillah, si Sujang teu nyahoeun, gerentes hatena.
Sholat
asar jeung sholat magrib teh husu pisan, make jeung ngaberebey cimata
sagala, atuh ngadoa ge mani lila, anu biasana mah cong cong leos tea,
harita mah kabeh sagala doa nu apal digerenteskeun.
Bada magrib
leos indit ka imahna Pa Mantri, niat teh hayang dipariksa we bisi aya nu
aneh dina awak, sugan ari ku mantri kasehatan mah kapanggih sabab
sababna, rek balaka we, tibatan jadi bangbaluh, da geus puguh ari ukur
dipikiran ku sorangan mah euweuh hasilna.
Jrut turun ti imah teh make
ngucap bismilah heula nu kacida tartibna, atuh sapanajang jalan anu
geus mimiti poek babacaan sabisa bisa.
Kabeneran Pa Mantri keur aya, malah kacirina mah kakara jol, da siga can ucul ucul, masih keneh make pakean saragem.
“Aya
naon Jang Sabri,…asa sisinarieun ieu teh…” kitu teh bari sur sor silih
asongkeun leungeun sasalaman, dina korsi sareretan Kang Sobri ningali
kalangkang leungeun sorangan, ngan can pati bleg kalangkang aya riak
riak siga kalangkang kaca, ter hatena ngageter, degdegan.
“Nu mawi ieu teh hoyong diparios, ieu awak asa lalungse, sareng…ieu dada asa gegeberan…”
Pa Mantri mariksa kalawan taliti.
“Ah
teu nanaon geuning,…..ari mawa ojeg teh kudu make jeket anu kandel,
komo mun jalan peuting mah, bisi asup angin, jeung bisi dada
karancang…naon geuning disebutna teh paru paru basah….”
Kang Sabri
unggut unggutan, dijero hatena mulek, naha kudu balaka, atawa entong,…ah
teu, teu kudu balaka, kapan bieu ge geus kaciri kalangkang aing teh
geus aya sok sanajan kakara kelemengna, siga kalangkang kaca.
“Tah bawa we obat ieu..” ceuk Pa Mantri bari mere sababaraha siki pel.
“Obat naon Bapa ieu teh,..?”
“Vitamin eta mah, ambih awak jagjag…!”
Sanggeus
babayar Kang Sabri amitan, teu poho uluk salam bari sasalaman, panona
ngareret kana kalangkang, enya aya ngan tetep siga kalangkang kaca.
Sigana Pa Mantri teu nelek nelek kalangkang, da teu openan, anggur kalahka kaprak keprek mereskeun tas wadah obat.
Palebah
pengkolan jalan muru balik ka imah, kadenge adzan isya, Kang Sabri teu
terus mulang tapi mengkol ka masjid, dina hatena bari sakalian rek
manggihan Mama Jarkasih, geus lila tara munjungan.
Datang ka masjid
pas keur komat, ngahaja asup teh dina sap kadua, salila sholat, ati
manteng ka Mantena, surat Alfatihah nu dibaca ku Mama Jarkasih, karasa
nyerep, dina sujud ka dua dina rakaat ahir, rada lila manteng ngadu’a.
Sanggeus
nu sejen nungtutan baralik ka imahna sewang sewangan, Kang Sabri
ngadeukeutan Mama Jarkasih, bari nyolongkrong ngasongkeun leungeun
ngajak sasalaman, kang Sabri ngareret kalangkang leungeunna geus
sabihari deui, bakating ku atoh langsung nubruk ka Mama Jarkasih,
ngeukeuweuk pananganana, bari jeung reumbay cimata, ceurik ngagukguk.
Puguh we Mama Jarkasih siga nu reuwaseun ningali kalakuan Kang Sabri
kitu teh
“ Ke ke…kunaon Jang Sabri teh…Mama mah asa rareuwas ieu teh..!?”
Kang
Sabri teu balaka, naon nu sabenerna nu jadi bangbaluh hate, harita nu
kedal rumasa lur jeun ka kasepuhan, geus puguh ari ka kolot sorangan mah
da geus teu aya dikieuna duanana.
Sare teh peuting ieu mah teu
tibra, Kang Sabri guling gasahan, lamun seug kabeh salembur nyarahoeun,
yen kalangkangna euweuh, beu pimanaeun earna, pimanaeun matak helokna,
sok sanajan sabenerna ngarasa teu kaganggu, da awak mah cageur, beleger,
atuh pipikiran asana teh sarua teu kaganggu.
Isuk isuk, satutas
solat subuh, Kang Sabri ngahaja neger negerkeun awak ngadon kikiplik
siga nu olah raga ngabatek awak, nu puguh mah ngadagoan panon poe,
hayang geura jentre ningali kalangkang. Panon poe meletek ti beulah
wetan ngempur cahayana, ting buricak tina sela sela daun nu keur
reumisan keneh, Kang Sabri muru kanu lega bari tetep ulak ilik ningalian
kalangkang….”Alhamdulillah…aya geuning kalangkang teh jeung jentre
ayeuna mah…”
Ti lebak kadenge motor ngadudud, sihoreng baturna sasama tukang ojeg.
“Bri…kamari
teh basa kuring nganteur panumpang ka lembur peuntas, di ditu aya budak
awewe keur hariweusweus majarkeun aya tukang ojeg euweuh kalangkangan,
waktu ditanya saha sahana, eta budak teh ngan teu nyahoeun ngaranna ngan
lamun disaruakeun jeung dedeg pangadegna mah sigana didinya…”
Kang
Sabri nempas…” Lah…lahuta teuing moal enya aya jalma euweuh kalangkangan
sagala,…tuh tingali apan sakitu jentrena, panjang deuih, engke lamun
tengah poe keur ereng erengan kalangkang kuring jadi mondokan…” kitu teh
bari nunjuk kana kalangkangna sorangan





